Sababaraha poe ka tukang kuring dipaksa pikeun nyieun artikel ngeunaan Tepass ku redaksi. Cenah mah jang dimuat di Tanggara nu engkena bakal dibikeun haratis ka adi-adi entragan 2007, minangka ngawanohkeun Pamass jeung jero-jerona (salah sahijina Tepass tea). (Lain kitu Med?)
Ah! Urang balik deui we ayeuna mah ka pasualan artikel Tepass tea. Harita dibarengan ku nyerebung na haseup roko redaksi, manehna menta artikel teh kudu dieusi sagala rupa hal nu aya patalina jeung Tepass. Nu utamana ngeunaan sajarah, prestasi-prestasi rejeung kondisi Tepass ti bihari nepi ka kiwari.
Sigana dina palebah ieu (sajarah Tepass) kuring rada kerung. Mun meunang milih, sigana mending dititah nyareuh tibatan kudu nyaritakeun sajarah Tepass mah (he... he...). Kuring sorangan poho (atawa emang teu nyaho! Eta mah kumaha nu maca we...), nu pasti mah kuring teu pati apal ari kudu nyaritakeun iraha jeung saha-sahana nu geus nyieun Tepass teh, pang-pangna mah sieun disebut sok tau ku Pak Tedi! (Hapunten Kang. He... he...). tapi ari ningali dina ngaranna jeung fungsi na mah, geus pasti jelas kunaon para mahasiswa teater harita maksa nyieun Tepass. Tepass atawa Teater Pamass, mangrupakeun wadah pikeun para anggota Pamass nu boga kahayang jeung resep kana widang kasenian teater. Di ieu UKM para anggota PAMASS diajar kumaha prak-prakanana seni acting jeung metode-metode latihannana ti mimiti daster (lain model baju) atawa dasar teater nepi ka cara nyieun hiji pementasan teater.
Naon perluna mahasiswa sastra dialajar teater? Lamun aya nu nanya samodel kitu bari jeung peupeuleukeuk mah, pasti ku kuring digaplo heula saacan dibere nyaho. Dina seni Teater aya bagian nu kaasup oge bagean dina seni sasrtra, nyaeta naskah drama. Dina naskah drama bisa ditalungtik ku elmu sastra boh dina unsur instrisik atawa ekstrinsik (tanyakeun geura ka pak Opik mun teu percaya mah!). Sabalikna ari dina karya sastra hususna pasualan hubungan pengarang jeung pembaca ngan saukur ngaliwatan karyana wungkul nu tangtuna dunya rekaan dina karya sastra eta teh ku pembaca di visualisasikeun ku imajinasi maranehna. Sedengkeun ku seni teater mah karya sastra eta teh langsung di visualisasikeun ku dunya panggung, jadi pembaca teu hese-hese deui kudu ngabayangkeun. Sababara hal eta sigana nu di jieun perluna para mahasiswa sastra sunda harita nyieun Tepass teh.
Tah ayeuna pasualan miboga prestasi naon wae ari Tepass teh? Ulah ditanya deui eta mah, ku pangalaman kuring mimiti apal Tepass nepi ka ayeuna prestasi-prestasi Tepass teh geus moal bisa deui ka itung ku leungeun, salah sahijina juara ka 2 Festival sisindiran sa-Bandung raya, juara ka 3 kategori umum Festival Kabaret Tradisional sa-Bandung Raya, jeung can deui pangalaman diondang pikeun ngeusian acara di lingkungan kampus, masyarakat jeung instansi-instansi pamarentahan. Eta teh ngan nu kaalaman ku kuring, sigana saacan kuring abus Tepass aya bahan leuwih loba prestasi-prestasi Tepass teh.
Tah ayeuna abus kana masalah nu karasana leuwih jero, nyaeta ngeunaan kondisi Tepass bihari nepi ka kiwari. Naha kuring sebut penting, kusabab ari pasualan kondisi mah pasti aya patalina kana kamajuan jeung kamunduran. Tapi hal eta gumantung kana kaayaan nu oge beda.
Basa jaman kuring nu ngaranna hayang di ajar teater (nu diayakeun ku Tepass) teh kudu susulumputan bisi katohyan ku dosen sabab harita diajar teater teh pasti we ngaganggu kana jadwal mata kuliah. Komo deui lamun keur aya pementasan mah, beuki remen we teu abus kuliah teh. Nepi ka harita mah aya paribasa kuliah jangan mengganggu latihan teater. Naha bet kitu? Ku sabab karesep tea nu tungtungna miboga rasa tanggung jawab gede ahirna kudu siap nandangan sagala rupa resiko. ketah eta ge teu kaalaman ku sakabeh para anggota Tepass, aya oge anggota Tepass nu miboga prinsip Teater hayu kuliah kudu. Nu matak maranehannana mah leuwih ti heula lulus (batan kuring...). tapi tong salah para anggota Tepass harita malah geus bisa ngangkat ngaran jurusan Sastra Sunda Unpad ka luar kampus (malah ka luar sumedang!). Malahan mah para anggota Tepass harita nu ngarasa hirup na dina widang Teater, teu asa-asa nepi ka miluan klub-klub teater sejen pikeun nambahan elmu. Aya oge nu geus lulus kuliahna neangan gawe nu teu jauh ti eta (dunya teater tea!).
Tah kumaha ari ayeuna? Ayeuna mah Alhamdulillah teater teh geus dijieun salah sahiji mata kuliah ku jurusan urang. Jadi teu kudu susulumputan jeung dicarekan deui ku dosen telat kuliah alatan latihan teater heula, ditambah teori jeung metode latihannana ge karasa leuwih alus tibatan baheula ku sabab nu ngajarna memang dosen nu ahli dina widang eta. Tapi hanjakal na sarana jeung prasarana nu aya teh teu dibarengan ku niat nu bener. Sabab niat na geus salah ngan saukur minuhan krs wungkul, ngajadikeun elmu nu geus dibikeun teh ari geus teu kuliah teater mah sok dipopohokeun jeung sok tara dipake ari maen teh (lebar Jang-Nyai!). Kusabab pikeun maranehanana mah diajar teater teh ngan jang saharitaeun tea, tungtungna mun Tepass kabeneran aya ondangan maen sok kalabakan neangan aktor (da arembungeun tea) jeung dina ayana ge maenna kurang optimal (ngan ngandelkeun tarik sora wungkul). Tapi eta ge teu kabeh! Aya oge nu kusabab karesep tadina jadi boga rasa tanggung jawab diajar nu bener, nu tungtungna mun maen teh sok alus.
Sabenerna kuring sorangan hoream ari kudu ngabanding-bandingkeun mah da ahirna pasti aya kritik, tapi ari mun teu dikitukeun mah moal daek ngaca geura. (inget paribasa pengalaman adalah guru yang terbaik). Geus bae ayeuna mah nu eunggeus mah eunggeus we, nu penting ayeuna mah urang babarengan ngaraketkeun deui duduluran ngaliwatan latihan teater, urang genjleungkeun deui Blue Stage (Sastra) ku reangna sora TEPASS!!! TEPASS!!! TEPASS!!!
Wassalam,
Gepeng
Tidak ada komentar:
Posting Komentar