Ulah waka ngomenter KK (Kembang Kehidupan) saacan urang nyakseni aksi panggung KK. grup band nu anggotana 9 urang ieu teh (Waah loba oge geuningan…) nyaeta : Deki, Daniel, Webi, Firman, Buceu, Eri, Cubek, Putu jeung Gugun atawa leuwih dipikawanoh Lewo. Maranehna teh mahasiswa antragan 2000 nepi ka 2002 Sastra Sunda Unpad khususna Pamass ngan iwal ti Eri, manehna mah mahasiswa Sastra Inggris. Ku ayana KK dina hiji acara mangrupakeun hiji moment nu dipika hayang ku panongton, salah sahiji band unik, band anu bisa ngahibur panongton ku aksi panggungna nu matak helok. Maranehna (KK) parigel kana ngahudangkeun kaayaan nu tadina tiiseun jadi rame. Katambah ku kostum panggung nu heboh pisan. Da kusabab maranehna boga dasar maen teater, jadi maranehna ngadu maniskeun kostum panggung teater jeung jinis musik ku KK pintonkeun. Teu kabayang riweuhna eta di panggung, tapi da eta nu jadi ciri khas KK. “Are you jomblo Tonight ” saha nu teu apal kana lagu ieu…?! lagu nu jadi kojo KK ieu teh mangrupakeun lagu nu jadi karesep balad KK. Unggal KK manggung lagu eta pisan mu paling didagoan ku panongton khususna balad KK. Ciri khas KK nu lian ti kostum panggung nyaeta unsur musik etnik atawa musik tradisional nu ku maranehna dipake, khususna musik tradisional Sunda sabangsaning : saron, gondang, kendang jeung sajabana. jadi ngingetkeun urang ka band asal Brazil , nyaeta SEPULTURA nu ngasupkeun unsur etnikna oge kamu jinis musik manehna. Ngasupkeun unsur musik tradisional kanu genre musik. lain hal nu gampang eta teh , ngabutuhkeun waktu nu lila jang ngaransemen musik ameh hade...KK emang hebaad euy..bisa ngaransemen musik ciga kitu. Tapi hanjakal kasibukan personil KK nu ngabalukarkeun KK jadi vakem kawas ayeuna, aya nu geus lulus, sibuk skripsi jrrd. nya…ayeuna mah urang ngan ukur bisa ngadagoan KK midang deui. Jadi iraha atuh…? (med)
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar