Rabu, 10 Oktober 2007

Sajak Pamass Entragan 2007

Budaya Sunda

Tos didirikeun hiji wangunan

Nu kirang langkung genep ka tilu meter

Eta teh hiji-hijina wangunan

Anu bisa nangtukeun nasib hiji budaya

Rek nepi kamana eta budaya bisa hirup

Kiwari eta budaya geus nungtut leungit

Hayu urang mumule budaya sunda

Eta the hiji-hijina budaya urang

Lamun teu di piara ku urang

Rek kusaha deui…?

Sabab urang nu nyicingan taneuh sunda

Lamun nepi ka budaya eta leungit

Saha nu rek tanggung jawab…?!

Meureun Lamun ayeuna teu di piara ku urang

Isuk pageto budaya sunda tinggal sajarah

Naha urang rek tega ningali anak incu urang

Lamun eta budaya nepi ka pareum…

Hendri Mulya Putra

Cinta Pamass

Obor sumber kasumangetan

Hurung ngempur

Caang marakbak

Nyaangan sa kabeh rohangan

Tepi kana wancina

Kiwari pamass baris medal

Ngarumat budaya sunda

Nganggit pangarti ngalah seni

“Sunda Janaraya Marganing Utama”

Ngajadi cirri nu sajatu

Jadi bukti Pamass nu mukti…

Muhammad Diyan

Cinta Pamass

Dina sagala elmu pangaweruh

Nganhontal dnya pendidikan

Kuring ngait di Padjadjaran

Sastra Sunda junjunan

Kuring ngabdi…

Ibarat ciak neang hayam

Kuring neang panungtun

Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda

Panungtun kuring

Ibarat griya katilu

Didinya kuring matuh

Hate kuring aya didinya

Cinta kuring aya didinya

Cinta kuring cinta Pamass…

Nida K.D

Cinta Pamass

Kacida endahna

Mikacinta pamass

Kacida endahna

Paguyuban urang

Pamass, Pamass nu urang

Lolongkran hate

Pikiran nu lega

Inget wae, cinta wae, jeung nyaah wae…

Pikeun Pamass urang

Hirupkeun Pamass

Buka kurung Pamass

Wangun Pamass

Pamass nu urang

Dewi Oktaviane

Cinta Pamass

Lumampah dina bijilna panon poe

Ngabuktikeun pangjajap cita-cita

Harepan nu pinunjul

Dina hate, dina emutan…

Nyurahkeun cintana ka Tatar Sunda

Duuuh…Paguyuban Sastra Sunda

Talikeun, pageuhkeun sangkan nanjung

Hirupkeun leuwih maju

Mekarkeun ngaran Sastra Sunda

Pikeun nagara nu dipikacinta

Hate reueus…

Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda

Ngaheuyeuk wujudkeun budaya Sunda

Ngamumule bahasa daerah

Pikeun kamajuan bangsa jeung basana

Duuuh…Paguyuban Sastra Sunda

Motekarkeun elmu nu di pangaweureuh

Jadikeun jati diri nu panceg

Bajoang…Bajoang…karuhun Sunda

Bral…patepang di Paguyuban

Yeti Nurmayanti

Cinta Pamass

Hiji niat ngajugjug asa

Ngahijikeun pikir dina hiji paguyuban

Nu ngandung hiji kakuatan

Nyaeta sifat kakulawargaan

Kedah bingah nyicingan ieu tempat

Amu dipikawanoh ku sadaya HIMA

PAMASS tetep hiji

Mung aya dilingkungan nu asri

Kantung ngajaga ieu paguyuban

Anu paling hade kanggo kamandirian

Pikeun diri sorangan

Di PAMASS urang bakal mendakan…

Rida Ranita

Cinta Pamass

Urang didieu kaiket kuhiji jangji

Hiji rasa…hiji raga…hiji nyawa

Rek dibawa kamana ieu Paguyuban teh…?

Urang didieu hiji kulawarga

Pamass…

Rame kusora…Rasa kujalma

Hayu urang piara pikeun bagja

PAMASS…

Tetep hiji dina hiji jangji

Jangji pikeun ngajaga, miara, sareng mikaya

Tatanan kasenian di Sastra Sunda…

Nurfitriani

Cinta Pamass

Silih asah, silih asih, silih asuh…

Janten bayu paniis manah

Janten parekat lisan, hate, jeung pikiran

Janten panyaang dina poek anu mangkleng

PAMASS…

Tempat dampal urang nincak

Tempat hate urang hirup

Gapura pikeun urang ngalawan saider buana…

Sofia

KEMBANG KEHIDUPAN

Ulah waka ngomenter KK (Kembang Kehidupan) saacan urang nyakseni aksi panggung KK. grup band nu anggotana 9 urang ieu teh (Waah loba oge geuningan…) nyaeta : Deki, Daniel, Webi, Firman, Buceu, Eri, Cubek, Putu jeung Gugun atawa leuwih dipikawanoh Lewo. Maranehna teh mahasiswa antragan 2000 nepi ka 2002 Sastra Sunda Unpad khususna Pamass ngan iwal ti Eri, manehna mah mahasiswa Sastra Inggris. Ku ayana KK dina hiji acara mangrupakeun hiji moment nu dipika hayang ku panongton, salah sahiji band unik, band anu bisa ngahibur panongton ku aksi panggungna nu matak helok. Maranehna (KK) parigel kana ngahudangkeun kaayaan nu tadina tiiseun jadi rame. Katambah ku kostum panggung nu heboh pisan. Da kusabab maranehna boga dasar maen teater, jadi maranehna ngadu maniskeun kostum panggung teater jeung jinis musik ku KK pintonkeun. Teu kabayang riweuhna eta di panggung, tapi da eta nu jadi ciri khas KK. “Are you jomblo Tonight ” saha nu teu apal kana lagu ieu…?! lagu nu jadi kojo KK ieu teh mangrupakeun lagu nu jadi karesep balad KK. Unggal KK manggung lagu eta pisan mu paling didagoan ku panongton khususna balad KK. Ciri khas KK nu lian ti kostum panggung nyaeta unsur musik etnik atawa musik tradisional nu ku maranehna dipake, khususna musik tradisional Sunda sabangsaning : saron, gondang, kendang jeung sajabana. jadi ngingetkeun urang ka band asal Brazil, nyaeta SEPULTURA nu ngasupkeun unsur etnikna oge kamu jinis musik manehna. Ngasupkeun unsur musik tradisional kanu genre musik. lain hal nu gampang eta teh , ngabutuhkeun waktu nu lila jang ngaransemen musik ameh hade...KK emang hebaad euy..bisa ngaransemen musik ciga kitu. Tapi hanjakal kasibukan personil KK nu ngabalukarkeun KK jadi vakem kawas ayeuna, aya nu geus lulus, sibuk skripsi jrrd. nya…ayeuna mah urang ngan ukur bisa ngadagoan KK midang deui. Jadi iraha atuh…? (med)

CBRT

Ulin-ulin jeung ulin…eta slogan ti sabagean jalma-jalma nu cicing tina unit CBRT Pamass. CBRT mangrupakeun hiji wadah jang anggota-anggota Pamass nu miboga karesep dina dunya otomotip, ciga bongkar pasang mesin, touring jeung jual beuli onderdil. Tapi program utama ti unit CBRT teh nyaeta “Touring”. Ti mimiti ngadeg taun 2004 kusabagean anggota pamass, acara touring nu jadi cukang lantaran kabentukna CBRT. Dimimitian kurasa jenuh ku kaayaan kampus, nongkrong teu pararuguh, mata kuliah nu ngabosenkeun malahan mah kudu ngadengekeun carita dosen nu nyaritakeun sajarah kaluwargana. Muncul weh ide jang represing atawa ceuk basa kerenamah ulin jang miceun heula kajenuhan nu aya di kampus. Tungtungna tina ngabulak ngaler-ngidul, aya hiji kasapukan jang ulin ka hiji tempat nu bisa ngaleungitkeun kajenuhan dina otak jeung bisa nyegerkeun otak deui. Acara Touring oge, lain saukur ulin hungkul tapi oge touring mangrupakeun ngareketkeun tali duduluran nu geus karasa anggang, ngagali tali silaturahmi jeung tungtungna mah dahar haratiiisss..he..he..he. Kagiatan ieu teh tuluy nepi ka ayeuna, nepi ka koordinator CBRT ayeuna nu namina kang Dado, remen pisan ngaluarkeun kahayang nu ageung pisan ameh bisa ngangkat ngaran CBRT leuwih hade deui. Hal eta oge nu di caturkeun ku mekanik CBRT nyaeta kang Pepep. Malahan mah ayeuna miharep CBRT bisa leuwih guyub, kompak jeung kreatip. Boh kitu deui nu di pikaharep ku anggota CBRT lian na. mudah-mudahan kahareupna mah CBRT bisa leuwih maju deui…Amiieen. (med)

Sajarah Tepass (Teater Pamass)

Sababaraha poe ka tukang kuring dipaksa pikeun nyieun artikel ngeunaan Tepass ku redaksi. Cenah mah jang dimuat di Tanggara nu engkena bakal dibikeun haratis ka adi-adi entragan 2007, minangka ngawanohkeun Pamass jeung jero-jerona (salah sahijina Tepass tea). (Lain kitu Med?)

Ah! Urang balik deui we ayeuna mah ka pasualan artikel Tepass tea. Harita dibarengan ku nyerebung na haseup roko redaksi, manehna menta artikel teh kudu dieusi sagala rupa hal nu aya patalina jeung Tepass. Nu utamana ngeunaan sajarah, prestasi-prestasi rejeung kondisi Tepass ti bihari nepi ka kiwari.

Sigana dina palebah ieu (sajarah Tepass) kuring rada kerung. Mun meunang milih, sigana mending dititah nyareuh tibatan kudu nyaritakeun sajarah Tepass mah (he... he...). Kuring sorangan poho (atawa emang teu nyaho! Eta mah kumaha nu maca we...), nu pasti mah kuring teu pati apal ari kudu nyaritakeun iraha jeung saha-sahana nu geus nyieun Tepass teh, pang-pangna mah sieun disebut sok tau ku Pak Tedi! (Hapunten Kang. He... he...). tapi ari ningali dina ngaranna jeung fungsi na mah, geus pasti jelas kunaon para mahasiswa teater harita maksa nyieun Tepass. Tepass atawa Teater Pamass, mangrupakeun wadah pikeun para anggota Pamass nu boga kahayang jeung resep kana widang kasenian teater. Di ieu UKM para anggota PAMASS diajar kumaha prak-prakanana seni acting jeung metode-metode latihannana ti mimiti daster (lain model baju) atawa dasar teater nepi ka cara nyieun hiji pementasan teater.

Naon perluna mahasiswa sastra dialajar teater? Lamun aya nu nanya samodel kitu bari jeung peupeuleukeuk mah, pasti ku kuring digaplo heula saacan dibere nyaho. Dina seni Teater aya bagian nu kaasup oge bagean dina seni sasrtra, nyaeta naskah drama. Dina naskah drama bisa ditalungtik ku elmu sastra boh dina unsur instrisik atawa ekstrinsik (tanyakeun geura ka pak Opik mun teu percaya mah!). Sabalikna ari dina karya sastra hususna pasualan hubungan pengarang jeung pembaca ngan saukur ngaliwatan karyana wungkul nu tangtuna dunya rekaan dina karya sastra eta teh ku pembaca di visualisasikeun ku imajinasi maranehna. Sedengkeun ku seni teater mah karya sastra eta teh langsung di visualisasikeun ku dunya panggung, jadi pembaca teu hese-hese deui kudu ngabayangkeun. Sababara hal eta sigana nu di jieun perluna para mahasiswa sastra sunda harita nyieun Tepass teh.

Tah ayeuna pasualan miboga prestasi naon wae ari Tepass teh? Ulah ditanya deui eta mah, ku pangalaman kuring mimiti apal Tepass nepi ka ayeuna prestasi-prestasi Tepass teh geus moal bisa deui ka itung ku leungeun, salah sahijina juara ka 2 Festival sisindiran sa-Bandung raya, juara ka 3 kategori umum Festival Kabaret Tradisional sa-Bandung Raya, jeung can deui pangalaman diondang pikeun ngeusian acara di lingkungan kampus, masyarakat jeung instansi-instansi pamarentahan. Eta teh ngan nu kaalaman ku kuring, sigana saacan kuring abus Tepass aya bahan leuwih loba prestasi-prestasi Tepass teh.

Tah ayeuna abus kana masalah nu karasana leuwih jero, nyaeta ngeunaan kondisi Tepass bihari nepi ka kiwari. Naha kuring sebut penting, kusabab ari pasualan kondisi mah pasti aya patalina kana kamajuan jeung kamunduran. Tapi hal eta gumantung kana kaayaan nu oge beda.

Basa jaman kuring nu ngaranna hayang di ajar teater (nu diayakeun ku Tepass) teh kudu susulumputan bisi katohyan ku dosen sabab harita diajar teater teh pasti we ngaganggu kana jadwal mata kuliah. Komo deui lamun keur aya pementasan mah, beuki remen we teu abus kuliah teh. Nepi ka harita mah aya paribasa kuliah jangan mengganggu latihan teater. Naha bet kitu? Ku sabab karesep tea nu tungtungna miboga rasa tanggung jawab gede ahirna kudu siap nandangan sagala rupa resiko. ketah eta ge teu kaalaman ku sakabeh para anggota Tepass, aya oge anggota Tepass nu miboga prinsip Teater hayu kuliah kudu. Nu matak maranehannana mah leuwih ti heula lulus (batan kuring...). tapi tong salah para anggota Tepass harita malah geus bisa ngangkat ngaran jurusan Sastra Sunda Unpad ka luar kampus (malah ka luar sumedang!). Malahan mah para anggota Tepass harita nu ngarasa hirup na dina widang Teater, teu asa-asa nepi ka miluan klub-klub teater sejen pikeun nambahan elmu. Aya oge nu geus lulus kuliahna neangan gawe nu teu jauh ti eta (dunya teater tea!).

Tah kumaha ari ayeuna? Ayeuna mah Alhamdulillah teater teh geus dijieun salah sahiji mata kuliah ku jurusan urang. Jadi teu kudu susulumputan jeung dicarekan deui ku dosen telat kuliah alatan latihan teater heula, ditambah teori jeung metode latihannana ge karasa leuwih alus tibatan baheula ku sabab nu ngajarna memang dosen nu ahli dina widang eta. Tapi hanjakal na sarana jeung prasarana nu aya teh teu dibarengan ku niat nu bener. Sabab niat na geus salah ngan saukur minuhan krs wungkul, ngajadikeun elmu nu geus dibikeun teh ari geus teu kuliah teater mah sok dipopohokeun jeung sok tara dipake ari maen teh (lebar Jang-Nyai!). Kusabab pikeun maranehanana mah diajar teater teh ngan jang saharitaeun tea, tungtungna mun Tepass kabeneran aya ondangan maen sok kalabakan neangan aktor (da arembungeun tea) jeung dina ayana ge maenna kurang optimal (ngan ngandelkeun tarik sora wungkul). Tapi eta ge teu kabeh! Aya oge nu kusabab karesep tadina jadi boga rasa tanggung jawab diajar nu bener, nu tungtungna mun maen teh sok alus.

Sabenerna kuring sorangan hoream ari kudu ngabanding-bandingkeun mah da ahirna pasti aya kritik, tapi ari mun teu dikitukeun mah moal daek ngaca geura. (inget paribasa pengalaman adalah guru yang terbaik). Geus bae ayeuna mah nu eunggeus mah eunggeus we, nu penting ayeuna mah urang babarengan ngaraketkeun deui duduluran ngaliwatan latihan teater, urang genjleungkeun deui Blue Stage (Sastra) ku reangna sora TEPASS!!! TEPASS!!! TEPASS!!!

Wassalam,

Gepeng

Bubuka

Wilujeng tepang…

Kumaha daramang…?!

Bungah nu taya papadaya.ieu tangara tiasa medal dina edisi kahiji sasih September 2007. allhamdullilah pisan, kusabab ngerjakeun tangara ieu teh ngabutuhkeun waktos nu lami oge, nu matak lamina mah ngumpulkeun materina rada hese jeung pangpangna mah bobogaan panyawat ‘Hore…’ nyaeta hoream tea nu geus janten hobby. Mung akhirna tangara edisi ieu teh tiasa rengse oge geuningan,najeun ngan sa ayana…mun ceuk Aep Uje mah, ’Segitu juga uyuhan… ’

Tangara teh mangrupi media keur barudak pamass pikeun nyalurkeun hobby jeung bakat anu resep tutulisan mangrupa essay, sajak, carpon jeung sajabana nu aya pa kuat-kait jeung tangara.

Kukituna tangara nampi pisan karya-karyana kanggo dimuat dina edisi nu salajengna.

Imah pangacikan rasa, basa pangacikan raga, sunda pangacikan kaula…

PAMASS

Pamass salah sahiji himpunan nu geus teu kudu ditanyakeun deui di wewengkon Sastra Unpad. Anu leuwih jentre na mah “Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda”. Ti baheula oge, ti mimiti mahasiswa, tukang dagang nepi ka masyarakat nu aya di Fakultas Sastra pasti geus wanoh jeung kaayaan Pamass. Kakompakan mangrupa salah sahiji anu jadi kojo di Pamass dibandingkeun jeung himpunan nu sejena nu aya di Sastra Unpad. Rasa kakulawargaan mangrupa modal utama jang balad Pamass. Sajalan jeung kamajuan jaman rasa kakulawargaan jeung kakompakan di Pamass tembong nyirorot anu balukarna kagiatana- kagiatan nu aya di Pamass karasa tiiseun. Untungna tina sakitu lobana anggota pamass nu ngarasakeun masa transisi, masih aya keneh nu mirosea kana ka ayaan Pamass. Bayangkeun we lah baheula mah kaayaan Pamass teh efektif tur parigel. Sakumna kreatifitas anggota Pamass kasalurkeun ku UKM-UKM nu aya di Pamass nepi ka Pamass pinungul dina sagala widang. Loba pisan tarekah nu di pikalampah sangkan Pamass teh tetep eksis.salah sahijina kucara ”HOHOAK” nu jadi ciciren Pamass. Tapi na najan hohoak ge, eta nyirikeun Pamass teh tetep eksis. Sajalan jeung waktu sagalana pasti robah, masih paduli teu urang ka Pamass? Masih paduli teu urang ka eksistensi Pamass baheula? Lamun lain urang-urang, rek saha deui..(med)